sajak sunda : KEAN SANTANG

KEAN SANTANG

Geus papat sakabéh ajian di Nusa Jawa
Candrabirawa ngapak ngapung nerus bumi
Geus cepak kadigjayaan urang Pajajaran
Sagala nyawana manusa sagala nyawana hayawan
Taluk maring ingsun
Nya ingsun anak Ratu Sunda
Nyakrawati cahya manik gilang-gumilang

Nya aing nu taya lawan
Langit meneng bumi meneng
Kahidep kakekep ku pangawasa aing

Dijorag Mekah lain saukur béja
Ditéang singa tepi ka guhana
Tiba jenenganana Prabu Kéan Santang maring ingsun
Sir aing Siliwangi
Rasa aing Rosululloh

Dempak Nusa Jawa ku pangawasana
Dibeberik ramana tepi ka Sancang
Mubus ka Embah Brajadilewa
Dirabut kaboa ti Kopocondong
Nanjeur jati tangkal panyadapan
Rep kangkeng rep wangkeng
Nagri asri jadi leuweung geledegan

Disapa sing saha nu wangkelang
Ngahiang tinggal nu belang
Dikeureut sing saha nu asup Islam
Sibret jungkel saratus tinggal saurang
Sasakala ngaran tempat Salam Nunggal

Sumirat salam Alloh di nusa tigang puluh tiga
Subur tatanduranana di bangawan sawidak lima
Mulih perang ngahalwat heula di Suci
Méméh miang kieu pangandikana
Geus tutas tugas kaula
Ari tapsir-tapsir agama putu kula bagéanana

Di Pameungpeuk ngadon makuwon di Dépok
Ngalanglaung puncakna gunung nagara
Ceuk sakaol di dinya Kéan Santang makamna

Komentar

Postingan populer dari blog ini

sajak sunda : SANGKURIANG

cara membawa dan merawat mikroskop